Selasa, 29 Juli 2008

CATURANGGA KUDA

NURUTKEUN kapercayaan bangsa urang, kajaba ti ajian-ajian, jampé-jampé sareng pamaké téh; réa deui anu baroga kasiat, disangka sarta dipercaya gedé mawatna, réa perbawana ka nu miara atawa nu miboga, nya éta saperti: batu-batu, hoé-hoé, tatangkalan, dangdaunan, pakarang jeung sasatoan; dalah jelema, éta ogé dipercaya yén aya perbawana, aya wa¬tekna nurutkeun kana wanda, adeganana, jeung ciri-ciri nu aya dina dirina.

Éta kapercayaan kitu téh ditambahan sarta dikandelan ku titinggal Hindu. Aya kecap basa Kawi anu geus jadi kacapangan kolot-kolot urang, unina: siti, paksi, curiga, turangga, Ian wa¬nita.

Siti, hartina: tanah; pakarangan. Paksi hartina: manuk, babakuna anu dipimaksud di dieu titiran. Curiga, hartina pakarang; babakuna pakarang anu pamoran kayaning keris, tumbak, gobang. Turangga, hartina: tutunggangan, nyaéta kuda. Wanita, hartina: istri, awéwé.

Tah ieu anu lima rupa, anu jadi babaku kapercayaan dianggap gedé perbawana atawa rajeun gedé mamalana ka nu miara.

Ku sabab aya éta kapercayaan anu pageuh pisan ayana dina rasa, kolot-kolot mah tara gagabah miboga éta barang anu lima rupa téh, kudu baé kuda diilikan heula kukulinciranana jeung ciri wancina nu lian. Pakarang ditepus atawa dipal, dipariksa pamorna. Awéwé diitung naktu ngaranna, wedalanana, jeung cicirén anu séjén, da nya éta sok mahala mahayu téa, tara gancang ku hayang babari kabongroy ku bogoh. Nepi ka méh kabéh kolot baheula mah pada ngagem rasiah-rasiahna, arapal digorolangkeun.

Ieu di handap dituliskeun caturangga kuda, anu hadé anu goréng, beunang nyalin tina Paririmbon Dalem Bandung, R.A.A. Wira Nata Kusumah.

1. RAJA-WANA, kuda anu aya ku¬kulinciran tilu dina huluna, perbawana pureut (bangénan) kana dipaké moro, alus jadi tutunggangan priyayi (tutunggangan ratu).
2. NILAKUNTI, kuda anu kukulinciran saluhureun biwirna, alus matak unggul perang, tutunggangan perjurit.
3. MADUGUNTUR, kuda daragem cidét matana sok pépéléyéan, hadé pisan perbawana, pantes jadi titihan ratu (bupati).
4. SURYA-KUNTA, kuda bulu beureum, ari panonna semu biru, digjaya perbawana, unggul lamun dibawa jurit, nyaho diapesna mu¬suh.
5. WISNUMURTI, kuda dawuk-ruyung, ari matana semu héjo duanana, éta sami baé saéna sareng Surya-Kunta.
6. DURGA-REMENG, kuda hideung mulus teu aya matina duanana (mati, nyaéta kukulinciran anu deukeut ceuli, biasana dua ramo tukangeun ceuli), gedé pisan mawatna, beunang dipaké tumbal nagara, panulak bahla matak suwung musuh. Anu miara tangtu pinanggih kabungahan salawasna; parek rejeki jauh balai.
7. DURGA-JAYA, kuda dawuk aya kukulinciranana opat dina sirahna, hadé pisan perbawana matak unggul dina perang, dipikasérab ku nu lain.
8. SERI-PADATI, kuda daragem héjo talapokna, hadé pisan matak kaseundeuhan ku rejeki, ka anu boga matak beunghar.
9. WULAN-MUNJAR, kuda kem¬bang durén (méh gambir, gambir ngora), kukulinciran dina bobokongna kénca katuhu, éta kacida hadéna, watekna kana papadang ati, anu boga moal pinanggih kasusah, matak pinter.
10. MÉGATURA, kuda hideung meles, bodas buntutna jeung ceulina, kacida pisan aluspa, junun kana bisa ngélmu, pantes jadi titi¬han priyayi atawa ulama.
11. TUNGGUL-MÉGA, kuda bodas, ari buntutna jeung gogombak (jojompongna) hideung, watekna kana mujur dina sagala laku dibawa perang tangtu meunang, pantes jadi tutunggangan ratu.
12. TARAJU-EMAS, kuda anu tilu kukulinciranana dina sirah, dua handapeun panon hiji luhureunana: kuda tuhu satia ka dunungan, kacida alusna, matak katurut sagala laku, kaseundeuhan ku raja-barana, dipikaasih ku sagala jelema.
13. JAGA-MUSUH, kuda anu aya opat kukulinciranana dina sirah, hadé perbawana matak ngajauhkeun pancabaya; moal éléh lamun dibawa perang.
14. RAKSA-JAGA, kuda anu lima kukulinciranana dina sirahna, kacida alusna, perbawana kana kaharjaan nagara, pantes jadi ingon-ingon raja.
15. GEDONG-MINEB, kuda anu kukulinciranana opat deukeut matana (dina paririmbon Rd. Puradireja mah Gedong-Mineb téh, anu ku¬kulinciranana handapeun mata), alus pisan watekna mawa rikrik mawa gemi ka nu miara, matat beunghar réa rejeki datang, teu réa miceunna.
16. SUNGGUR-WACANA, kuda anu kukulinciran dina uang-uangna, perbawana kana matak meunang padu (nurutkeun paririmbon Rd. Puradireja, disebutna "Kemil", watekna goréng, matak lésang kuras).
17. SATRIA-PINAYUNGAN (SATRIA KINAYUNGAN), kuda anu kukulinciranana dina bobokongna beulah kénca, kacida alusna, gedé perbawana kana darajat, téréh naék pangkat, jadi pangauban ratu, pantes dipiara ku priyayi, tutung¬gangan ratu.
18. NAGA-LANANG, kuda anu kukulinciran dina kakawetna, kacida alusna ka nu sok ngawayuh, matak ngarapihkeun maru, perbawa¬na kana ngajak nyandung, turug-turug kalulutan ku istri.
19. SUKU-PANGGUNG, kuda anu aya kukulinciranana opat dina sukuna, kacida alusna matak suwung musuh, pinanggih karahayuan, pantes jadi tutunggangan para pangagung.
20. PANAMBANG-NGARSA, kuda anu kukulinciran dina suku tukang beulah kénca, alus pisan matak jaya ka nu boga, diajénan ku sasama.
21. BENDANA-NUTUTI, kuda anu aya kukulinciranana dina suku hareup beulah kénca, sarua alusna jeung Panambang-Ngarsa.
22. PANGGUNG-LUNGGUH, kuda anu aya kukulinciran dina suku opatanana, kacida alusna (lamun dipiara ku nu nyekel pangkat, matak dipikahéman ku saréréa.
23. MANGUN-TAPA, kuda sopal sukuna tukang beulah kénca, nungtun kana karahayuan, kacida hadéna perbawana ka nu miara.
24. SUNIA-TAKA, kuda anu matina ngan sabeulah (hiji), kacida goréngna, matak cilaka, lamun di¬hawa perang tangtu nu tunggang kasabut musuh (dina paririmbon Rd. Puradireja disebutna Sulintaka).
25. SATRIA-SURENG, kuda anu matina anu sabeulah tuna (tukang teuing atawa handap teuing), éta ogé kacida goréngna, lamun dipiara ku pangkat matak dipocot, tur mawa surud rejeki, réa pitenah.
26. DANGDANG-ARING; kuda anu kukulinciranana ngan sahiji tur tuna, kacida goréngna sagala tara jadi, komo ka nu nyekel pangkat mah.
27. BENGENG-TUNA, kuda anu kukulinciranana tengah-tengah susurina, kacida goréngna, matak cilaka mawa apes, ka nu jeneng matak dilepas.
28. SATRIA-KAPANGGUL, kuda anu aya kukulinciran dua dina sirahna, goréng watekna réa musuh, dipikangéwa ku dunungan.
29. TADAH-LUAH, kuda anu aya kukulinciran dua deukeut panonna, kacida goréngna, mawa cilaka, matak susah saanak baraya.
30. DURGA-NGERIK, kuda anu aya takulinciran dina létahna, kacida goréngna matak apes, diunghak ku bojo, ngadeukeutkeun pacogrégan jeung tatangga.
31. KALA-MISANI, kuda anu aya kukulinciran dina kélékna beulah kénca, kacida goréngna nungtun bahla, matak cilaka gedé, nu sok tepi ka nemahan pati.
32. DANGDANG-KIRAB, kuda anu aya kukulinciran dina gigir beuheungna, kacida goréngna, lamun dibawa perang tangtu nu tumpak dipeuncit ku musuh, nu bogana mindeng kapapaténan.
33. UTAH-ATI, kuda anu kukulinciran dina hulu angenna (deukeut dada), kacida goréngna, matak apes mawa cilaka gedé.
34. TUNGGANG-TOYA, kuda anu aya kukulinciran dina sahandap¬eun beuheung (puhu beuheungna ti handap), kacida goréngna hayang nyilakakeun baé ka nu numpakan, nungtun bahla ka nu boga.
35. KALABANG-KAPIPIT, kuda anu aya kukulinciran di gigirna, éta kacida goréngna, matak tumpur ludes, anu boga cilaka gedé, mindeng kapapaténan.
36. SUJÉN-TERUS, kuda anu aya kukulinciran dina kekemplonganana, kacida goréngna, matak cilaka ku musuh, mawa sial teu kendat kasusah, réa pitenah.
37. KALA-CETIK, kuda anu aya kukulinciran dina tétépokanana, kacida goréngna nungtun raja-wisuna. mindeng aya nu mitenahkeun, réa anu nereka goréng.
38. SURÉNG-BAYA, kuda anu aya ku kulinciran dina bobokongna beulah katuhu, teu hadé dipiara, watekna sok mawa cilaka ka nu boga.
39. BUNTEL-MAYIT, kuda anu buntutna ngabundel (muntel bulubuntutna), kacida goréngna, lamun dipaké perang tangtu anu tumpakna pinanggih ajal, perbawana anu miarana téréh maot.
40. KALA-CACING, kuda anu aya kukulinciran dina bujurna, éta kacida goréngna, perbawana kana mindeng manggih wirang.
41. KALA-CUWET, kuda anu aya kukulinciran dina kakawetna, éta kacida goréngna, perbawana kana mawa cilaka, matak apes.
42. KALA-ANJING-LAKI, kuda anu kukulinciran dina saluhureun cécékolanana, kacida goréngna, mawa cilaka ka nu boga lamun ditumpakan hayang ngaragragkeun baé.
43. SUNIATAKA-ASOR, kuda anu sanglir, watekna panas, matak runtag salelembur, mawa sial ka tatangga.
44. BUAYA-NGANGSAR, kuda anu kukulinciran dina beuteungna, kurang hadé, lantaran teu kaop dibawa meuntas sok tuluy depa dina cai.
45. KALA-KEPIPIT, kuda anu aya ku kulinciran dina embun-embunanana, watekna goréng kacida, matak cilaka ka nu boga, lamun ditumpakan tangtu nyilakakeun, tampolana tepi ka matak maot.
46. TUJAH-BUMI, kuda anu aya kukulinciran dina suku hareup duanana, éta goréng pisan perbawana, teu beunang dipaké kumawula sok jadi musuh ratu.
47. BENDANA-KATUTAN, kuda anu aya kukulinciran dina suku hareup beulah katuhu, kacida goréngna, perbawana matak kabandang ku musuh, kana rejeki matak lésang kuras.
48. BENDANA-RIMBAK, kuda anu aya kukulinciran dina suku tukang beulah katuhu; matak nungtun panyakit, anu bogana sok mindeng gering anu matak jadi halangan.
49. SANDUNG-BAYA, kuda sopal suku hareup duanana, kacida goréngna mawa cilaka, komo ka nu nyekel pangkat mah, matak kabendon.
50. SAMPAR-BANGKÉ, kuda sopal suku hareup beulah katuhu, éta ogé goréng watekna, matak réa anu paraéh.