Selasa, 29 Juli 2008

NGARUAT

Ieu karangan dumasar kana buku babon titilar Abah Sumirta (Dalang Wayang Golék Banjaran) murid Mama Artaja alias Sastra (Ciparay). Ari Artaja murid Mas Brajanata, Dalang Lebet jaman Kangjeng Dalem Bintang (R.A.A. Wiranatakusumah IV). Mas Brajanata ngaguruna ka Ki Anting nu aya dina asuhan Ki Rumiang (Dalang Sawat), Ki Dipaguna (Dalang Gubyar) jeung Ki Dipa Guna Permana, anu kabéhanana ogé jaradi Dalang Lebet di Kabupatén Bandung ti mimiti Dalem Kaum (R. A. A. Wirakusumah II).

Harti Ngaruat

1. Nurutkeun Kamus Sacadibrata, ngaruat téh nya éta ngayakeun salametan pikeun nolak balai.

2. M.A. Salmun ngahartikeun ngaruat kieu: ngaruat téh aya patalina jeung nyawa, cumantél kana paeh-hirupna jalma

3. S. Rosana: Ari ngaruat téh kasebut kana salahsahiji tarékah jeung ihtiar nu kaasup kana "tulak bahta", numbal atawa nyegah kacilakaan.

Cindekna, nu disebut ngaruat téh, nya éta: hiji upacara adat - nurutkeun tali-paranti karuhun dumasar kana kapercayaanana (lain Agama Islam) - pikeun nyegah bahya supaya tinemu jeung karahayuan.

Demi carana aya opat rupa: 1) ku jalan ngawayang 2) ku jalan mantun 3) ku jalan macapat (maca wawacan), jeung 4) ku jalan ngadongéng.

Ari lalakonna "Purwakala", nya éta lalampahan Batara Kala ngudag-ngudag budak panas.

Nu kudu diruat, di antarana anu parenting, nya éta:

a. Jalma

1. Untang-anting: budak nunggal, awéwé atawa lalaki.
2. Tunggelis: budak nunggal, awéwé atawa lalaki nu ditinggalkeun maot ku dulur-dulurna.
3. Nanggung bugang: anak tilu; nu panengah, awéwé atawa lalaki anu ditinggalkeun maot ku lan¬ceukna jeung adina.
4. Nyuhun bugang: anak tilu, nu kadua, awéwé atawa lalaki, nu ditinggalkeun maot ku dulurna anu cikal.
5. Ngajingjing bugang: anak tilu, nu kadua, awéwé atawa lalaki, anu ditinggalkeun maot ku dulurna anu bungsu.
6. Talaga dihapit pancuran: anak panengah awéwé, sedengkeun lanceuk jeung adina duanana lalaki.
7. Pancuran dihapit talaga: anak panengah lalaki, sedengkeun lanceuk jeung adina duanana awéwé.
8. Sarimpi: anak opat awéwé wungkul.
9. Saramba: anak opat lalaki wung¬kul.
10. Pandawi olih-olih: anak lima awéwé wungkul.
11. Pandawa olah-olah: anak lima lalaki wungkul.
12. Sangga kala: anak awéwé atawa lalaki, anu ti barang lahir aya tan¬da bodas dina awakna.
13. Kala durga: jalma anu indit nyaba salah wanci.
14. Kawalangsung: budak awéwé atawa lalaki anu dijurukeunana ka burusutan, boh di leuweung boh di reuma.
15. Budak panas: budak nunggelis (nunggul pinang) anu geus henteu sanak henteu kadang.

b. Wawangunan

1. Imah, pabrik, kantor jsb. anu sa¬gala weuteuh sarta diadegkeunana dina tanah anyar (lelemahan anyar; bebedahan).
2. Imah, pabrik, kantor jsb., sanajan teu ngaweuteuhan ogé, ari rék diruat mah alus wé nu aya. (Lamun ceuk istilah Agama Islam mah, no. 1 wajib jeung no. 2 sunat hukumna).

c. Lembur atawa Jagat Lianna

1. Tanah/lembur sangar: tanah atawa lembur anu saban diadegan tara aya kamulusan keur nu ngeusian.
2. Tanah/lembur geueuman: tanah atawa lembur lembur anu canéom ku tatangkalan. Kaayaanana pikakeueungeun taya pikabetaheun.
3. Tanah/lembur galudra ngupuk: tanah/lembur anu hararieum pikabetaheun. Ngan sok nyusukeun cai.
4. Tanah/lembur kajepit (cagak gunting): tanah/lembur anu kaseundeuhan ku dedemit. Watekna panyéréwédan, pibahyaeun, jeung sapapadana.
5. Tanah/lembur kancah nangkub: tanah/lembur anu bulistir tengah-tengahna rada luhur, bahéna ka opat madhab.
6. Tanah/lembur nadah poé: tanah/lembur anu bahé ngetan, hadé keur tatanén, tapi ari keur lembur mah bangga miarana.
7. Tanah/lembur nonggong kuya: tanah/lembur bahé ngulon, goréng keur tatanén jeung sok panyéréwédan.
8. Tanah/lembur bahé ngalér-ngidul: tanah/lembur nu alus keur pilemburan. Ngan paké liliwatan anu garaib.

Sasajén jeung Sarat-sarat Séjénna

a. Gegecok

Gegecok bangsa lauk nya éta peda atawa teri, bungbu cobék sagala atah, diréndos diwadahan dina limas.

b. Sabangsa Kadaharan

1. Puncak manik, nya éta congcot anu diteundeunan endog hayam.
2. Congcot leutik lobana 7.
3. Tumpeng, eusina rupa-rupa asin.
4. Bakakak, anu jeroanana sarta dihijikeun deui.
5. Rujak warna 7 lobana 7 takir.
6. Bubur-bodas bubur beureum.
7. Kupat-leupeut tangtang angin.
8. Kaolahan kayaning: opak, borondong, kolontong, ranginang, gegeplak, wajit jst.
9. Ulén ketan 7 keureut.
10. Wajit ngora.

c. Bahan Kaolahan

1. Duwegan.
2. Rupa-rupa bubuahan, sarupana hiji-hiji.
3. Rupa-rupa beubeutian, sarupana hiji-hiji.
4. Tiwu konéng. Saban buku dipotong dua. Lobana 7 buku (bukuna ulah dibawa).
5. Hayam keur hurip.
6. Tiwu beureum leunjeuran. Lobana dua atawa opat leunjeur.
7. Cau turuyan. Lobana 2 turuy jeung tangkalna.
8. Paré geugeusan. Lobana 2 geu¬geus.
9. Béas jeung éndog hayam diwadahan kana pinggan maké duit sabaru (8,5 sen): Ku lantaran ayeuna mah euweuh duit sén, meunang diganti ku duit nu lobana Rp. 85,00 atawa Rp. 850,00.
10. Rujakeun warna 7.
11. Seupaheun diindungan ku seureuh 1 beungkeut.
12. Ududeun diindungan ku bako salémpéng jeung surutu 1.

d. Sasambaraan

1. Sambara cobék salimas gedé:
2. Sambara rupa-rupa salimas gedé.
3. Ropa-rupa cal keur mandi.

e. Cai

1. Cangkrub cai, nya éta cai nu diwadahan kana bokor dieusian duit kencring lobana sanaktu anu diruat. Lamun ngaruat wawangunan atawa jagat lianna, lobana kudu sa¬naktu anu ménta diruat.
2. Cai emas, cai pérak, cai kuningan, cai tambaga diwadahan kana tahang atawa jambangan. Ieu cai anu 4 rupa téh ngalana ku jalan ngeueuman emas, pérak, kuningan jeung tambaga ku cai atah.
3. Cai panyipuhan bedog diwadahan dina tahang atawa jambangan.
4. Cai sipuh (ti tukang sipuh).
5. Cai ti 7 muara.

f. Kembang Warna-warna


1. Rampé sabungkus.
2. Kembang warna 7 sabungkus.
3. Jantung (jaksi) sajantung.
4. Kembang warna 7 dieusikeun kana tahang cai keur mandi téa.
5. Mayang jambé samanggar dieusikeun kana tahang cai keur mandi.
6. Mayang kalapa gading jeung cengkirna dieusikeun kana tahang cai keur mandi.

g. Dangdaunan

1. Daun hanjuang 7 lambar dieusikeun kana kendi.
2. Daun hanjuang 7 tambar dieusikeun kana tahang cai keur mandi.
3. Daun jaringao sakeupeul dieusikeun kana tahang cai keur mandi.
4. Daun jawér kotok sakeupeul dieusikeun kana tahang cai keur mandi.
5. Daun sulangkar sakeupeul dieusikeun kana tahang cai keur mandi.
6. Daun pongporang 2 régang dieusikeun kana tahang cai keur mandi.
7. Janur 2 pucuk dieusikeun kana tahang cai keur mandi.
8. Daun kelewih 7 lambar dieusikeun kana tahang cai keur mandi.

h. Pakéan/Bahan Pakéan

1. Pakéan sapangadeg ganti babasah (urut mandi nu diruat). Lamun nu diruatna wawangunan atawa jagat, kudu pakéan nu dipangruatkeun.
2. Boéh (lawon bodas) 3 beulit anu diruat. Lamun nu diruatna wawangunan atawa jagat, lobana saiket-saiket di saban juru. Jadi di 4 juru téh 4 iket. Unggal iket eusian duit sabaru (8,5 sén).

i. Sarat-sarat Séjénna

1. Pangradinan nu dieusi ku: bola, jarum. sisir, eunteung, minyak seungit, minyak kananga jeung minyak kalapa.
2. Kantéh 7 warna.
3. Haur konéng 3 tekem. Lamun nu diruatna wawangunan atawa jagat lobana 7 tekem.
4. Harupat 3 tekem. Lamun nu diruatna wawangunan atawa jagat lobana 7 tekem.
5. Jukut palias 3 tekem. Lamun nu diruatna wawangunan atawa jagat lobana 7 tekem.
6. Damar linting, sumbuna ku kapas 7 linting.
7. Parukuyan jeung menyanna.

j. Parabot Dapur

Sééng, aseupan, gayung, dulang, pangarih, hihid, piring, katél, susuk, sérok, coét, mutu, parud, cangkir, poci, péso, ayakan, téko, boboko, tolombong.

Katerangan:
Lamun euweuh parabot dapur nu enya, meunang digantian ku nu sok dipaké cocooan ku barudak.

k. Pakakas Bapa Tani

Pacul, wuluku, garu, parang, arit, koréd.

Katerangan:
Lamun euweuh nu enya, meunang digantian ku papaculan jst. tina kai.

i. Parabot Ambu Tani

Lisung, halu, jubleg, nyiru, étém, tampir, saung sanggar.

Katerangan:
Lamun euweuh nu enya, meunang digantian ku lilisungan jst. tina kai.

m. Pakakas Tukang Kayu

Bedog, dékol, patik, ragaji biasa, tatah, pasékon, rimbas, baliung, palu, gegép, sugu, ceprétan, péso raut, ragaji gobéd.

Katerangan:
Iwal ti bedog, nu séjénna meunang digantian ku dédékolan jst. tina kai.

Anu Kudu Diterapkeun di Balandongan Waktu Ngaruat

1. Paré geugeusan diteundeun di luhureun wayang meunang ngajantur kénca-katuhu.
2. Tiwu leunjeuran ditangtungkeun di unggal juru balandongan.
3. Cau turuyan jeung tangkalna ditangtungkeun dikénca-katuhueun wayang.
4. Kaolahan ditiiran. Kupat leupeut tangtang-angin, jaba ti anu diwa¬dahan kana nyiru, sawaréh ditalian, tuluy digantung-gantungkeun di sabudeureun balandongan. Nya kitu deui hasil tatanén jeung bubuahan.
5. Papakéan nu boga hajat awéwé lalaki 3 pangadeg disampaykeun di luhureun dalang. Réngsé ngaruat, ieu mah disimpen deui ku nu bogana.

Salengkepna......

CATURANGGA KUDA

NURUTKEUN kapercayaan bangsa urang, kajaba ti ajian-ajian, jampé-jampé sareng pamaké téh; réa deui anu baroga kasiat, disangka sarta dipercaya gedé mawatna, réa perbawana ka nu miara atawa nu miboga, nya éta saperti: batu-batu, hoé-hoé, tatangkalan, dangdaunan, pakarang jeung sasatoan; dalah jelema, éta ogé dipercaya yén aya perbawana, aya wa¬tekna nurutkeun kana wanda, adeganana, jeung ciri-ciri nu aya dina dirina.

Éta kapercayaan kitu téh ditambahan sarta dikandelan ku titinggal Hindu. Aya kecap basa Kawi anu geus jadi kacapangan kolot-kolot urang, unina: siti, paksi, curiga, turangga, Ian wa¬nita.

Siti, hartina: tanah; pakarangan. Paksi hartina: manuk, babakuna anu dipimaksud di dieu titiran. Curiga, hartina pakarang; babakuna pakarang anu pamoran kayaning keris, tumbak, gobang. Turangga, hartina: tutunggangan, nyaéta kuda. Wanita, hartina: istri, awéwé.

Tah ieu anu lima rupa, anu jadi babaku kapercayaan dianggap gedé perbawana atawa rajeun gedé mamalana ka nu miara.

Ku sabab aya éta kapercayaan anu pageuh pisan ayana dina rasa, kolot-kolot mah tara gagabah miboga éta barang anu lima rupa téh, kudu baé kuda diilikan heula kukulinciranana jeung ciri wancina nu lian. Pakarang ditepus atawa dipal, dipariksa pamorna. Awéwé diitung naktu ngaranna, wedalanana, jeung cicirén anu séjén, da nya éta sok mahala mahayu téa, tara gancang ku hayang babari kabongroy ku bogoh. Nepi ka méh kabéh kolot baheula mah pada ngagem rasiah-rasiahna, arapal digorolangkeun.

Ieu di handap dituliskeun caturangga kuda, anu hadé anu goréng, beunang nyalin tina Paririmbon Dalem Bandung, R.A.A. Wira Nata Kusumah.

1. RAJA-WANA, kuda anu aya ku¬kulinciran tilu dina huluna, perbawana pureut (bangénan) kana dipaké moro, alus jadi tutunggangan priyayi (tutunggangan ratu).
2. NILAKUNTI, kuda anu kukulinciran saluhureun biwirna, alus matak unggul perang, tutunggangan perjurit.
3. MADUGUNTUR, kuda daragem cidét matana sok pépéléyéan, hadé pisan perbawana, pantes jadi titihan ratu (bupati).
4. SURYA-KUNTA, kuda bulu beureum, ari panonna semu biru, digjaya perbawana, unggul lamun dibawa jurit, nyaho diapesna mu¬suh.
5. WISNUMURTI, kuda dawuk-ruyung, ari matana semu héjo duanana, éta sami baé saéna sareng Surya-Kunta.
6. DURGA-REMENG, kuda hideung mulus teu aya matina duanana (mati, nyaéta kukulinciran anu deukeut ceuli, biasana dua ramo tukangeun ceuli), gedé pisan mawatna, beunang dipaké tumbal nagara, panulak bahla matak suwung musuh. Anu miara tangtu pinanggih kabungahan salawasna; parek rejeki jauh balai.
7. DURGA-JAYA, kuda dawuk aya kukulinciranana opat dina sirahna, hadé pisan perbawana matak unggul dina perang, dipikasérab ku nu lain.
8. SERI-PADATI, kuda daragem héjo talapokna, hadé pisan matak kaseundeuhan ku rejeki, ka anu boga matak beunghar.
9. WULAN-MUNJAR, kuda kem¬bang durén (méh gambir, gambir ngora), kukulinciran dina bobokongna kénca katuhu, éta kacida hadéna, watekna kana papadang ati, anu boga moal pinanggih kasusah, matak pinter.
10. MÉGATURA, kuda hideung meles, bodas buntutna jeung ceulina, kacida pisan aluspa, junun kana bisa ngélmu, pantes jadi titi¬han priyayi atawa ulama.
11. TUNGGUL-MÉGA, kuda bodas, ari buntutna jeung gogombak (jojompongna) hideung, watekna kana mujur dina sagala laku dibawa perang tangtu meunang, pantes jadi tutunggangan ratu.
12. TARAJU-EMAS, kuda anu tilu kukulinciranana dina sirah, dua handapeun panon hiji luhureunana: kuda tuhu satia ka dunungan, kacida alusna, matak katurut sagala laku, kaseundeuhan ku raja-barana, dipikaasih ku sagala jelema.
13. JAGA-MUSUH, kuda anu aya opat kukulinciranana dina sirah, hadé perbawana matak ngajauhkeun pancabaya; moal éléh lamun dibawa perang.
14. RAKSA-JAGA, kuda anu lima kukulinciranana dina sirahna, kacida alusna, perbawana kana kaharjaan nagara, pantes jadi ingon-ingon raja.
15. GEDONG-MINEB, kuda anu kukulinciranana opat deukeut matana (dina paririmbon Rd. Puradireja mah Gedong-Mineb téh, anu ku¬kulinciranana handapeun mata), alus pisan watekna mawa rikrik mawa gemi ka nu miara, matat beunghar réa rejeki datang, teu réa miceunna.
16. SUNGGUR-WACANA, kuda anu kukulinciran dina uang-uangna, perbawana kana matak meunang padu (nurutkeun paririmbon Rd. Puradireja, disebutna "Kemil", watekna goréng, matak lésang kuras).
17. SATRIA-PINAYUNGAN (SATRIA KINAYUNGAN), kuda anu kukulinciranana dina bobokongna beulah kénca, kacida alusna, gedé perbawana kana darajat, téréh naék pangkat, jadi pangauban ratu, pantes dipiara ku priyayi, tutung¬gangan ratu.
18. NAGA-LANANG, kuda anu kukulinciran dina kakawetna, kacida alusna ka nu sok ngawayuh, matak ngarapihkeun maru, perbawa¬na kana ngajak nyandung, turug-turug kalulutan ku istri.
19. SUKU-PANGGUNG, kuda anu aya kukulinciranana opat dina sukuna, kacida alusna matak suwung musuh, pinanggih karahayuan, pantes jadi tutunggangan para pangagung.
20. PANAMBANG-NGARSA, kuda anu kukulinciran dina suku tukang beulah kénca, alus pisan matak jaya ka nu boga, diajénan ku sasama.
21. BENDANA-NUTUTI, kuda anu aya kukulinciranana dina suku hareup beulah kénca, sarua alusna jeung Panambang-Ngarsa.
22. PANGGUNG-LUNGGUH, kuda anu aya kukulinciran dina suku opatanana, kacida alusna (lamun dipiara ku nu nyekel pangkat, matak dipikahéman ku saréréa.
23. MANGUN-TAPA, kuda sopal sukuna tukang beulah kénca, nungtun kana karahayuan, kacida hadéna perbawana ka nu miara.
24. SUNIA-TAKA, kuda anu matina ngan sabeulah (hiji), kacida goréngna, matak cilaka, lamun di¬hawa perang tangtu nu tunggang kasabut musuh (dina paririmbon Rd. Puradireja disebutna Sulintaka).
25. SATRIA-SURENG, kuda anu matina anu sabeulah tuna (tukang teuing atawa handap teuing), éta ogé kacida goréngna, lamun dipiara ku pangkat matak dipocot, tur mawa surud rejeki, réa pitenah.
26. DANGDANG-ARING; kuda anu kukulinciranana ngan sahiji tur tuna, kacida goréngna sagala tara jadi, komo ka nu nyekel pangkat mah.
27. BENGENG-TUNA, kuda anu kukulinciranana tengah-tengah susurina, kacida goréngna, matak cilaka mawa apes, ka nu jeneng matak dilepas.
28. SATRIA-KAPANGGUL, kuda anu aya kukulinciran dua dina sirahna, goréng watekna réa musuh, dipikangéwa ku dunungan.
29. TADAH-LUAH, kuda anu aya kukulinciran dua deukeut panonna, kacida goréngna, mawa cilaka, matak susah saanak baraya.
30. DURGA-NGERIK, kuda anu aya takulinciran dina létahna, kacida goréngna matak apes, diunghak ku bojo, ngadeukeutkeun pacogrégan jeung tatangga.
31. KALA-MISANI, kuda anu aya kukulinciran dina kélékna beulah kénca, kacida goréngna nungtun bahla, matak cilaka gedé, nu sok tepi ka nemahan pati.
32. DANGDANG-KIRAB, kuda anu aya kukulinciran dina gigir beuheungna, kacida goréngna, lamun dibawa perang tangtu nu tumpak dipeuncit ku musuh, nu bogana mindeng kapapaténan.
33. UTAH-ATI, kuda anu kukulinciran dina hulu angenna (deukeut dada), kacida goréngna, matak apes mawa cilaka gedé.
34. TUNGGANG-TOYA, kuda anu aya kukulinciran dina sahandap¬eun beuheung (puhu beuheungna ti handap), kacida goréngna hayang nyilakakeun baé ka nu numpakan, nungtun bahla ka nu boga.
35. KALABANG-KAPIPIT, kuda anu aya kukulinciran di gigirna, éta kacida goréngna, matak tumpur ludes, anu boga cilaka gedé, mindeng kapapaténan.
36. SUJÉN-TERUS, kuda anu aya kukulinciran dina kekemplonganana, kacida goréngna, matak cilaka ku musuh, mawa sial teu kendat kasusah, réa pitenah.
37. KALA-CETIK, kuda anu aya kukulinciran dina tétépokanana, kacida goréngna nungtun raja-wisuna. mindeng aya nu mitenahkeun, réa anu nereka goréng.
38. SURÉNG-BAYA, kuda anu aya ku kulinciran dina bobokongna beulah katuhu, teu hadé dipiara, watekna sok mawa cilaka ka nu boga.
39. BUNTEL-MAYIT, kuda anu buntutna ngabundel (muntel bulubuntutna), kacida goréngna, lamun dipaké perang tangtu anu tumpakna pinanggih ajal, perbawana anu miarana téréh maot.
40. KALA-CACING, kuda anu aya kukulinciran dina bujurna, éta kacida goréngna, perbawana kana mindeng manggih wirang.
41. KALA-CUWET, kuda anu aya kukulinciran dina kakawetna, éta kacida goréngna, perbawana kana mawa cilaka, matak apes.
42. KALA-ANJING-LAKI, kuda anu kukulinciran dina saluhureun cécékolanana, kacida goréngna, mawa cilaka ka nu boga lamun ditumpakan hayang ngaragragkeun baé.
43. SUNIATAKA-ASOR, kuda anu sanglir, watekna panas, matak runtag salelembur, mawa sial ka tatangga.
44. BUAYA-NGANGSAR, kuda anu kukulinciran dina beuteungna, kurang hadé, lantaran teu kaop dibawa meuntas sok tuluy depa dina cai.
45. KALA-KEPIPIT, kuda anu aya ku kulinciran dina embun-embunanana, watekna goréng kacida, matak cilaka ka nu boga, lamun ditumpakan tangtu nyilakakeun, tampolana tepi ka matak maot.
46. TUJAH-BUMI, kuda anu aya kukulinciran dina suku hareup duanana, éta goréng pisan perbawana, teu beunang dipaké kumawula sok jadi musuh ratu.
47. BENDANA-KATUTAN, kuda anu aya kukulinciran dina suku hareup beulah katuhu, kacida goréngna, perbawana matak kabandang ku musuh, kana rejeki matak lésang kuras.
48. BENDANA-RIMBAK, kuda anu aya kukulinciran dina suku tukang beulah katuhu; matak nungtun panyakit, anu bogana sok mindeng gering anu matak jadi halangan.
49. SANDUNG-BAYA, kuda sopal suku hareup duanana, kacida goréngna mawa cilaka, komo ka nu nyekel pangkat mah, matak kabendon.
50. SAMPAR-BANGKÉ, kuda sopal suku hareup beulah katuhu, éta ogé goréng watekna, matak réa anu paraéh.

Salengkepna......

KAPAMALIAN

Kapamalian dituliskeun téh lain pikeun jadi ageman, ngan supaya nyaho baé, yén kolot urang baheula mah dina hirup-kumbuhna téh henteu leupas tina rupa-rupa pamali. Di antarana:

- Ulah sok nyiduhan, matak jadi aul.
- Ulah dianduk ku baju, matak kurap.
- Ulah neunggeul ku sapu, matak sédéng.
- Ulah gunta-ganti tobas, matak loba dunungan.
- Ari keur dahar ulah sok pipindahan matak loba dunungan.
- Ulah ngaléngkahan baréra matak peluh.
- Ulah mandi mentas dahar, matak lésang kuras.
- Ulah ngadahar buah sésa kalong, matak rodék susu.
- Ulah nyician cacangkir pinuh teuing, matak dikulak deungeun.
- Ulah ditiung ku baju, matak apes.
- Ulah nanggeuhkeun gulungan samak, matak gering saimah-imah.
- Ulah ngangin di nu lénglang, matak dipajarkeun palung (gélo).
- Ulah ngising ngaréndéng, matak parebut anak.
- Ulah méré ketan ka budak, budakna matak cadél.
- Ulah naékan gedang, bisi ragrag matak gélo.
- Ulah ngaheureuyan bangkong, matak muriang.
- Ulah nulungan bancét ku oray, matak incok.
- Ulah nénjo nu meuncit munding, matak dangdan beureum beungeut.
- Ulah meuleum daun cau baseuh, matak bau kélék.
- Ulah dahar dina tengah-tengah dahar, matak hujaneun di jalan.
- Ulah dahar endog beureumna, matak bungeng.
- Ulah resep nguah, matak tiis rarangan (jomblo).
- Ulah nginum bari nangtung, matak tobat teu dihampura.
- Ulah nyeungseurikeun nu hitut, matak malarat.
- Ulah ngarumbaykeun buuk di cai, matak dipikabogoh jurig.
- Ulah nguah dina coét, matak meunangkeun randa.
- Ulah nguyup tina sinduk, matak goréng dangdan.
- Ulah nginum dina batok, matak coréng masamoan.
- Ulah nepakan tonggong, matak liar cacing.
- Ulah ngerik bulu bitis, matak jadi palancongan.
- Ulah meuleum suluh ti puhuna, matak malarat pakokolot.
- Ulah dahar seupan bari, matak limpeuran.
- Ulah ngaputan totopong, matak loba nu ngahina.
- Ulah nyieun buburonan, matak dipénta nyawa.
- Ulah nguliat mentas dahar, matak kandulan.
- Ulah ngerik kuku, matak dikaut maung.
- Ulah nangkarak di taneuh, matak diléngkahan jurig.
- Ulah sila dina taneuh, matak béak pangharepan.
- Ulah resep mencrong seuneu, matak jadi saksi padu.
- Ulah sok nutuan taneuh, matak torék.
- Ulah belikan, matak gondok.
- Ulah dahar kakalangkangan, matak begang.
- Ulah ngasah dina pijalaneun, matak geregeseun (pijaheut).
- Ulah nginum dina siwur, matak kawisaya deungeun.
- Ulah dahar tunggir hayam, matak dipangnunggirkeun.
- Ulah dahar cokor hayam, matak goréng aksara.
- Ulah sok dahar mamaras, matak loba kasusah.
- Ulah ngahurun balung, matak deukeut kabingung.
- Ulah nyoo seuneu, matak gedé raheut.
- Ulah ngadiukan songsong, matak hitut di hareupeun mitoha.
- Ulah ngadékan tihang, matak katidaresa.
- Ulah dahar nodong dulang, matak dilongok maung.
- Ulah nénjo nu ngising, matak totos sééng.
- Ulah mandi kurang lantis, matak dipacok oray.
- Ulah dahar jantung, matak jantungeun.
- Ulah dahar lopang, matak belet.
- Ulah didudukuy di imah, matak dipanah gelap.
- Ulah héhéotan di imah, matak teu boga uyah.
- Ulah lalanggiran, matak paéh indung.
- Uah diuk dina nyiru, matak unggah balé-watangan.
- Ulah dahar mamaras hayam, matak guranyih.
- Ulah dahar endog burung, matak burung kalakuan.
- Ulah nyebut ngaran kolot, matak hapa hui.
- Ulah nginum notor kendi, matak genténg beuheung budak.
- Ulah sok miceun buuk gagabah, matak keuna ku wisaya.
- Ulah diangir asar, matak paéh ngora-ngora.
- Ulah noong kana bilik, matak tungguruwisen.
- Ulah sok ngeunteungan budak, matak titeuleum.
- Ulah nyocolan paisan, matak ngupat kaperego.
- Ulah resep tatakolan, matak diturutan jurig.
- Ulah dahar bari sidéngdang, matak céda bitis.
- Ulah nyisiran bari leumpang, matak nyorang wiwirang.
- Nu reuneuh ulah sok saré ti beurang, matak kikilieun anak.
- Nu reuneuh ulah sok diuk dina batu matak leuleumeungeun anak.
- Ulah sok nyoo béas, matak dijual ku toa.
- Ulah ngalong dina panto, matak nangtot jodo.
- Ulah sok nyatu cau sisina, matak kasingsal.
- Ulah sok dahar uteuk, matak téréh huisan.
- Ulah ulin sareupna, matak dirawu kelong.
- Ulah niup damar, matak peteng ati.

Salengkepna......

PANTRANG

DI sakuliah Indonésia aya kapercayaan, yén upama nyebut hiji kecap matak aya cangcalana, nepi ka kudu diganti ku kecap séjén anu teu aya matakna. Paninggaran, palika jeung juru tani réa pantrangna. Dina keur usum sasa¬lad diaringetkeun pisan pantrang téh.

Naon sababna nu matak aya kecap-kecap anu dipantrang? Tayohna tina disangka, yén upama nyebut kecap pantrangan téa, sarua jeung ngahu¬dang napsu dedemit. Atawa kecap pantrangan téa, sorana harib-harib kana ngaran sato atawa barang anu sangar atawa kana ngaran karuhun.

Di Pasundan réa pisan kecap pantrangan téh. Di handap ieu disebut sawatarana ti nu ilahar di Cirebon Kidul, Priangan jeung Karawang. Bisa jadi kiwari mah geus tara dipaké éta pantrangan téh.

DI NU OROKAN

Kecap kuntianak sok diganti ku “nu di cai”. Nu nganjang ka nu keur bulan alaeun, teu meunang nyebut “hésé” kudu “babari”, maksudna supaya gam¬pang ngajuru. Lamun aya sarung butut, kudu disebut “sarung alus”, supaya orokna alus (Soréang). Ari nu hudang ngajuru kudu disebut “nu keur senang” (Karawang, Ciwidéy). Mun orok gering jeung ceurik baé ti peuting, ulah disebut ku “jurig” kudu dise¬but ku “nu ti peuting” (Sagalahérang).

DI NU GERING

Upama aya nu gering atawa aya ka¬jadian nu matak nyeri, sok aya kecap-kecap nu diganti ku nu séjén.

Di sakuliah Pasundan mun aya nu kaléob atawa anu kasundut, kecap “panas” kudu diganti tu “tiis”. Budak labuh sok disebut “bangkong”, sabab bangkong mun labuh tara nyerieun. Sawaréh sok ditanya “Mana bangkongna?”, supaya nu labuh téa kabangbalérkeun. Anu ragrag sok disebut “monyét” atawa “careuh”, nya éta sato-sato nu lamun ragrag sanajan luhur, sok gancang hudang jeung tuluy lumpat.

Nu gering panas lantaran mandi di tempat sanget, ku dukun sok disebut “kabadi ku nu di cai”. Nu muriang teu meunang disebut “panas” kudu “haneut” (Darmaraja). Anu kuris biasa disebut “bagong”, jeung teu meunang nyebut “kuris” atawa “cacar”, kudu “kasalit alus” atawa “kasakit bagong”. Ari keur meu¬jeuhna tingperentis disebut “midang” atawa “beunghar”. Lamun carang disebut “beuneur” atawa “malarat”.

Di Soréang kasakit tampek sok disebut “kasakit bagong” atawa “kasakit malarat”.

DI DAPUR

Upama ngeletik keur ngagolak, teu meunang gandeng jeung nyebut ngaran minyakna, kudu “caah” (Bandung, Sumedang, Cianjur). Dina waktu gogoréngan, supaya teu hambur minyak, henteu meunang nyebut minyak, kudu “cai” (Soréang) atawa “getihna” (Banjaran). Kitu deui kecap galéndo kudu disebut “wadukna”.

Batok nu dipatuhkeun gawéna aya ngaranna, saperti paranti nyiuk béas sok disebut “entik” atawa “undem” atawa “beruk”. Aseupan di Cilawu jeung Garut Kidul, disebut “lépé”.

Gayung di Cimahi disebut “siwur”, ari di Panjalu jeung Kuningan disebut “canting”. Songsong di Cimahi disebut “paniup seuneu”, ari di Padahérang disebut “ruas bungbas”.

Lodong di Ciségel disebut “ruas”, ari di Cililin “wadah cai” (Mun di dinya aya sémah rék nyebut lodong, gancang baé dina lebah lod .... ku pribumi dituluykeun “lod tandé); di Subang dise¬but “katung”, di Panjalu “kélé”, di Cilawu kucluk (niron sorana).

Di Cililin mun nyebut “ruhay” sok aya maung, jadi kudu “hurung” baé. Urang Panjalu kana uyah sok disebut “nu bodas”. Urang Cianjur mun meuncit hayam kana burih sok nyebut “kakandel”. Mun keur nipung ulah nyebut léngkét jeung cepel jeung ulah seuri deuih.

Salengkepna......

ALAMAT IMPIAN

NURUTKEUN kapercayaan urang Sunda anu lumbrah, ngimpi téh nyaéta laku-lampahna sukma sabot keur saré. Upama urang saré, sukma urang téh kaluar tina kurunganana. Naon-naon pagawéan jeung pamanggihna dina waktuna keur lumantung téa, nya adi ngimpi, cenah. Lian ti aya kaper¬ayaan kitu, aya deui undakna percayana kana impian téh, nyaéta sok jadi alamat kana hadé jeung goréng anu ku urang bakal kasorang, malah biasa di¬sarebut ilapat. Tapi ari ngimpi riwan mah, tara jadi alamat, lain ilapat. Ma¬lah ilaharna disebut kabawa-bawa ngimpi atawa kaimpi-impikeun; nyaéta naon-naon kalakuan urang keur nya¬ing, anu kacida cumantélna kana haté atawa anu kapiangen-angen, dipindo sorangan dina keur saré.

Sakapeung mah jadi riwan deuih, upama saré kasawur ku sora anu ngaromong, anu seuri atawa ku kajadian anu séjén, anu sumanding ka anu keur saré téa. Asup kénéh kana ngimpi riwan, lamun keur saré ditindihan eureup-eureup, atawa sarupaning impian anu disangka panggoda sétan. Nya kitu deui impian-impian anu disangka asal lantaranana tina papakéan, pakakas atawa barang séjén nu dipaké atawa tumerap dina badan atawa panggawé anggahota anu teu diniatan sabot keur saré, éta kabéh gé riwan baé; saperti: ngimpi dicongcong léntah pédah aya réméh napel, ngimpi tiguling lantaran suku tikoléséd, jsté.

Nurutkeun kapercayaan urang Sund¬a, impian téh jadi ilapat: Ieu di han¬dap diserat alamat-alamatna.

1. Ngimpi suka-suka, bakal paila, bakal susah.
2. Ngimpi lumaku ngalér, bakal meunang rejeki.
3. Ngimpi ningal panonpoé atawa bulan; bakal untung, meunang darajat gedé, bakal boga anak pinter.
4. Ngimpi samagaha, bakal meunang pancabaya.
5. Ngimpi srangéngé tumurun ka bumi, asup ka imah; bakal meunang darajat.
6. Ngimpi ningal méga beureum atawa hideung, bakal aya rupa-rupa kasusahan di désana.
7. Ngimpi kahujanan, bakal aya anu méré, meunang rejeki.
8. Ngimpi nénjo hujan, bakal jadi lurah.
9. Ngimpi katebak angin, bakal ruksak désana.
10. Ngimpi katebak angin laut, bakal éléh perang.
11. Ngimpi hujan buah, bakal meunang kabungahan.
12. Ngimpi mandi dina cai hérang, bakal jauh tina kaprihatinan.
13. Ngimpi ningal walungan keur gedé cai, bakal manggih amarah, pipaséaeun.
14. Ngimpi ningal walungan ngolétrak caina, bakal kaanjangan ku urang désa séjén, bakal dilurah¬an ku urang désa séjén.
15. Ngimpi teuleum di talaga, bakal cilaka.
16. Ngimpi teuleum di walungan, bakal cilaka.
17. Ngimpi ngojay, bakal mubah panggawéna.
18. Ngimpi ngaluncatan walungan, bakal pondok umur.
19. Ngimpi cai laut amis, bakal meu¬nang rejeki, untung jalan tina rupa-rupa pancabaya.
20. Ngimpi nginum susu, bakal meu¬nang rejeki halal.
21. Ngimpi,boga hayam jago, bakal boga anak lalaki.
22. Ngimpi loba hayam, bakal rea murid anu ngaguru.
23. Ngimpi ningal daging afawa meuncit sato, bakal kapapaténan.
24. Ngimpi lubak-libuk daging embé, bakal kapapaténan.
25. Ngimpi ningal maung; bakal diasih ku ratu.
26. Ngimpi kadatangan maung, bakal katatamuan ku ménak.
27. Ngimpi aya maung asup ka imah, bakal jeneng, naek pangkat.
28. Ngimpi digégél sato galak, bakal diasih ku jelema.
29. Ngimpi ningal pamegaran oray matih, bakal diambek ku pamajikan.
30. Ngimpi ningal liang oray, bakal panjang umur.
31. Ngimpi kahuruan, bakal cilaka gedé, bakal manggih napsu.
32. Ngimpi ngampihan seuneu; bakal cukul pakaya.
33. Ngimpi nénjo gunung, bakal meunang béja.
34. Ngimpi nyaba ka gunung, bakal meunang nugraha.
35. Ngimpi kaluar ti leuweung, bakal leuleungiteun.
36. Ngimpi asup ka masigit, bakal meunang bagja.
37. Ngimpi nyieun imah, bakal laksana pakarepan, bakal boga pamajikan.
38. Ngimpi aya nu mergasa, bakal pi¬nanggih susah.
39. Ngimpi ngadégdég atawa hareu¬dang, bakal kadatangan cilaka, karurugian.
40. Ngimpi angin gedé, tatangkalan rarungkad, bakal paila.
41. Ngimpi aya di tengah sagara, bakal meunang duit.
42. Ngimpi palid ka laut, bakal hasil paneja tapi batur réa anu ngéwa.
43. Ngimpi ngarasa panas, bakal meunang rejeki tina jalan sérong.
44. Ngimpi dahar buah, bakal aya nu macikeuh.
45. Ngimpi ningal warna-warna kembang, bakal jadi pangkat.
46. Ngimpi dahar lauk bagong, bakal meunang rejeki.
47. Ngimpi dahar lauk sapi/lauk munding/lauk hayam/létah, bakal meunang kahadéan.
48. Ngimpi kaboyong ku musuh, bakal balik ka bali geusan ngajadi.
49. Ngimpi ningal bentang, bakal meunang bagja.
50. Ngimpi unggah ka langit, bakal meunang darajat gedé.
51. Ngimpi samagaha srangéngé atawa bulan, raja bakal susah lantaran nagara ruksak.
52. Ngimpi bulan asup ka imah, bakal untung gedé.
53. Ngimpi ningal cai datang, bakal amarah.
54. Ngimpi teuleum dina cai kiruh, bakal tatapa.
55. Ngimpi ningali walungan caina hérang, bakal nampa barang emas inten.
56. Ngimpi nginum di walungan, ba¬kal diseuseul ku dunungan tapi laksana panejana.
57. Ngimpi teuleum dina cai hérang, bakal sugih.
58. Ngimpi nginum cai hérang, bakal teguh agamana.
59. Ngimpi nginum anu kentel-kentel, bakal boga emas pérak.
60. Ngimpi paparahuan, bakal susah.
61. Ngimpi ningal sinar srangéngé, damar atawa haseup, bakal gam¬pang sagala karep.
62. Ngimpi ningal seuneu ti kajauhan, bakal panjang umur.
63. Ngimpi kapeutingan, bakal sasar lampahna.
64. Ngimpi jadi lintuh, bakal luput tina bahaya.
65. Ngimpi ningal gunung atawa seuneu ti kajauhan, bakal diasih ku dunungan.
66. Ngimpi sambéang, bakal laksana paneja.
67. Ngimpi dicabak sirah, bakal tinekanan paneja.
68. Ngimpi kaanjangan, bakal mimitran jeung saluhureun.
69. Ngimpi diragap awak, bakal gering parna atawa bakal kasemahan baraya.
70. Ngimpi papanggih jeung awéwé, bakal kawin.
71. Ngimpi beungeut jadi bodas, bakal boga pamajikan.
72. Ngimpi dibura oray, bakal meunang pipamajikaneun, bakal ka¬win.
73. Ngimpi dipacok oray, bakal cilaka ku musuh.
74. Ngimpi hayang bubuang, bakal salamet.
75. Ngimpi nanjak ka gunung, bakal naék pangkat.
76. Ngimpi nimu pakarang, bakal naék pangkat.
77. Ngimpi mandi, bakal gering.
78. Ngimpi tumpak kuda, bakal gering.
79. Ngimpi bubuang, bakal kacilakaan, leuleungiteun (ceuk sawaréh bakal untung).
80. Ngimpi néwak manuk, bakal meu¬nang bagja.
81. Ngimpi imah kahuruan, bakal meunang bahaya gedé.
82. Ngimpi kadatangan jelema loba, bakal kapapaténan.
83. Ngimpi hiber, bakal untung.
84. Ngimpi katinggang kai, bakal cilaka gedé.
85. Ngimpi sumur pinuh ku cai, bakal cukul sagala gawé.
86. Ngimpi gelut éléh, bakal gering.
87. Ngimpi disalin ku papakéan weuteuh, bakal naék pangkat boga gawé anyar.
88. Ngimpi cacarita jeung sepuh nu geus teu aya di kieuna, bakal panjang umur.
89. Ngimpi suhunan tisorosod, bakal susah.
90. Ngimpi nimu duit, bakal radang.
91. Ngimpi maéhan oray, bakal moal jadi pakarepanana.
92. Ngimpi dipacok oray matih; bakal diasih ku awéwé.
93. Ngimpi nungkulan nu kariaan, bakal aya nu kapapaténan.
94. Ngimpi punglak huntu ti luhur, bakal kapapatenan ku saluhureun.
95. Ngimpi punglak huntu ti handap, bakal kapapaténan baraya sahandapeun.

Salengkepna......
 

© Free blogger template 3 columns